Contoh Pidato Basa Sunda Rupa-rupa Panghalang Katentreman Keluarga


Assalamu’alaikum, Wr, Wb.
Hadirin anu ku pribados di Contoh Pidato Basa Sundapihormat
Tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur ka Gusti anu Maha Suci, kersaning anjena urang sadaya tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina ieu acara, mugu ieu acara teh sing lungsur langsar kalayan kahontal sagala anu di pimaksad. Amin.
Teuhilap sholawat sinareng salam migi dikocorkeun salamina ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW, ka kulawargina, ka para sohabatna, oge ka urang sadaya anu janten umatna.
Ngadegna pribados dina danget ieu payuneun para sepuh miwah para tamu anu sami rawuh, taya sanes seja ngiring gabung tumalapung sabda kumapalang kitu oge bari jeung di gedeng ku kendang gede pahawunan dag dig dug  rasaning ati, rumaos pribados mah teu aya ka tiasa, sanggem pari paos tea mah etang-etang lauk buruk milu mijah. Boga catur ge nu tanpa bukur, ngalantur teu puguh alang ujurna taya pulunganeunnana.
Nanging sanaos suwung ku pangaweruh suda ku pangabisa, pribados baris nyobi ngaguar tema ieu Biantara anu unina “RUPA-RUPA PANGHALANG KATENTREMAN KULAWARGA”
Hadirin anu sami rawuh
Numutkeun sapalih ulama anu dimuat dina sababarahahiji referensi, aya 4 perkara anu matak ngahalangan kana katengtraman rumah tangga.
1.      Wajhun ‘Abisun hartosna Paroman raray anu bengis
Dina ngamumule katengtreman kulawarga, tos janten kamistian satiap anggahota kulawarga kedah hade rupa hade basa. Sabab paroman anu marahmay tangtos pikareseupeun sareng pikayungyuneun anu ningali, matak guligah bungah kana manah. Sabalikna paroman anu bengis, judes, datar, taya ekspresi matak teu betah katingalna malah mungkin tiasa jadi sabab timbulna su’udzhon dina manah masing-masing anggahota kulawarga. Paingan Kangjeng Nabi SAW, nyaurkeun “Tabassumuka fi wajhi akhika laka sodaqotun” hartosna : mesem ningalikeun paroman anu marahmay dimana papanggih jeung papada jalmamuslim eta teh sodaqoh.
2.      Lisanun Qobihun hartosna Goreng Basa
Rosululloh SAW, nyaurkeun Salamatul insan fi hifdil lisan : salametna manusa teh gumatung dina ngajaga lisana. Aya paripaos abong biwir teu diwengku letah teu tulangan, jalma anu nyaritana teu make aturan asal kaluar senang tara ngaragap hate sasama, tangtu bakal jadi sabab kurang harmonisna hubungan antar papada anggahota kulawarga.
3.      Taddun Bakhilin hartosna Leungeun anu koret
Pidawuh Alloh SWT, dina surat Al-Lal ayat 8-10 :
Wa ammamam bakhila wastaghna wakadzababil husna fasanuyassiruhu lil usro : saha jalma anu koret maka ku Alloh bakal dibere kahesean.
Nu koret tangtu bakal dikoretan deui, dimana keur meunang kareepet tangtu bakal hese neangan gesanpakumaha.
4.      Qolbun Syadidun hartosna : Hate anu teuas/gurat batu tara daek narimakeun kana luang ti papada jalma
Pidawuh Alloh dina surat Al-Imran ayat 159
Walau kunta faddon golidon qplbi lanfaddu min khaulik hartosna lamun anjeun ngabogaan laku anu heuras jeung teuas hate tangtu jalma-jalma bakal ngajauhan ka anjeun.

Manawi bahan katampi, hapunteun ..... sanes bade ngabejaan bulu tuur, atanapi mamatahan ngijay ka meri. Ieu mah mungguhing kajurung ku kawajiban salaku muslimin muslimat. Sasieureun-sabeunyeureun bae mah ngiring nyumbang saran.
Amit mungkur. Hapunten sakali deui, bilih aya basa anu kirang merenah sumarambah kana manah sareng matak nyelekit kana ati Mugi agung cukup lumur jembar shakasima.
Hulang huleng maen catur
Disekak paeh rajana
Sakitu anu kapihatur
Hapunten seuer lepatna
Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

Postingan terkait:

Belum ada tanggapan untuk "Contoh Pidato Basa Sunda Rupa-rupa Panghalang Katentreman Keluarga"

Posting Komentar