Contoh Pidato Basa Sunda Ngaronjatkeun Kareueus Nonoman kana Basa Sunda

السّلام عليكم ورحمة الله وبركاته
الحمدلله ربّ العالمين وبه نستعينو علي امرالدنيا والدين وعلي اله وصحبه اجمعين
امّا بعد
CONTOH PIDATO MEMPERINGATI MAULID NABI MUHAMMAD SAW
Hadirin anu kusimkuring dipihormat,…..
Kersaning gusti nu Maha Suci, urang tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina ieu acara, mugi ieu acara tēh  lungsur langsar kalayan kahontal sagala anu dipimaksad. Amin ya Robbal alamin.

Ngadegna sim kuring dina danget ieu payuneun bapa, ibu, kalayan rērēncangan anu sami rawuh, taya sanēs seja ngiring jabung tumalampung sabada kumapalang.

itu ogē bari jeung digēdēng ku kendang gedē pakauman dag-dig-dug rasaning ati, rumasa sim kuring mah taya kabisa, sanggem paripaos tēa mah ētang-ētang lauk buruk milu mijah.

Boga catur gē nu tanpa bukur, ngalantur teu puguh alang ujurna taya pulungeunnana. Nanging sanaos suwung ku pangaweruh, suda ku pangabisa, sim kuring baris nyobi ngaguar tēma biantara anu unina       NGARONJATKEUN KAREUEUS NONOMAN KANA BASA SUNDA “.

Hadirin nu dipihormat,…..
Saparantos sim kuring maluruh sababaraha sumber anu jadi rujukan, sihoreng geuning, anu utama pikeun para nonoman atanapi generasi muda anu jadi seuweu siwi  pajajaran tēh, taya sanēs kedah mibanda rasa katineung kana budayana. Ulah nepikeun ka jati kasilih ku junta, mupusti budaya asing bari teu malirē budaya urang sorangan.
Anu antukna cul dog-dog tinggal igel. Adēan ku kuda beureum ngarasa reueus ku banda meunang nginjeum, sanēs hartos nonoman sunda ulah malirē kana budaya deungeun, nanging asa langkung payus saupami weruh kana budaya sorangan. Utamana kana basa sunda anu jadi ciciren bangsa.
Naha basa sunda ciciren bangsa?  Rupina basa sunda tēh nuduhkeun ciri anu dipibanda ku salah sahiji suku bangsa. Kitu ogē bakal disebut sēkēlēr sunda saupama disarengan ku aya basana.
Asa palangsiang, saupamana dina hiji waktu keur aya di nagara deungeun, heug aya nu naros, “ kawit ti mana ? “ di jawab tēh “ ti Indonesia “.  Indonesiana di mana?  Ana dijawab tēh “ ti Jawa Barat “  batur teh nanya deui, “ atuh pinter basa sundana, tiasa abdi ngiring di ajar? “
Pisakumahaeun teuing ērana saupama urang keur di manca nagara di peredih ku batur  pikeun ngawanohkeun basa sunda,……… tapi urang teu bisa.

Ngawanohkeun basa sunda saleresna mah sanēs kanggo para nonoman wungkul, tapi tos kedah di wanohkeun ti kawit balita. Upami di Jawa Barat nya ku basa sunda. Basa sunda salaku bahasa indung, bakal leuwih nyerep ka diri nonoman lamun geus dibiasakeun ti bubudak.

Hadirin anu ku sim kuring dipihormat,…….
Ēta mah sakadar cita-cita sim kuring, da ahirna mah diwangsulkeun deui ka nonoman nyalira. Cindekna mah urang kedah paheuyeuk-heuyeuk leungeun dina ngamumulē ngaraksa sareng ngariksa basa, katut budaya sunda. Manawi bahan katampi, hapunten ….. sanēs badē ngabējaan bulu tuur, atanapi mamatahan ngojay ka meri, ieu mah mungguhing kajurung ku identitas simkuring salaku nonoman sunda. Sasieureun –sabeunyeureun baē mah ngiring nyumbang saran. Amit mungkur , hapunteun sakali deui bilih aya basa anu kirang merenah sumarambah kana manah sareng matak nyelekit kana ati. Mugi agung cukup lumur jembar pangampura. Wassalamualaikum warrah matullahi wabarakatuuh.

Postingan terkait:

Belum ada tanggapan untuk "Contoh Pidato Basa Sunda Ngaronjatkeun Kareueus Nonoman kana Basa Sunda"

Posting Komentar