Contoh Pidato Bahasa Sunda

Asalammualaikum wr.wb
Saparantos nyanggakeun salam kahormatan Islam, puji syukur urang sanggakeun ka Gusti Alloh nu Murbawi Alam. Rahmat salam urang lererken ka junjungan panutan urang sadaya, nyaeta Kanjeng Nabi Muhammad Saw. Miwah kulawargana, sohabatna sareng kasadayana, penganut-penganutna dugi ka akhir zaman.
CONTOH PIDATO MEMPERINGATI MAULID NABI MUHAMMAD SAW (2)Ibu bapa anu marulia anu setia kana agama, kana solat didama-dama, ibu-ibu anu lalucu anu ibadahna tos ngabaju kana ibadahna harusu, kana solat lima waktu. Putra putri santriwan santriwati anu pada ngalarti, garetol nyiar elmu agama tiap hari hoyong jadi jalmi soleh solehah, margi Allah parantos jangji dina Al-Quran anu piharoteunana: Wallohu alam, bakal ngangkatkeun Gusti Allah kana darojatna kajalmi anu ariman diantara aranjeun jeung jalma anu kersa nyiar elmu.
Dina ayatanna nembe, jelas pisan dua kamulyaan 1. Jalmi Iman, 2. Jalmi anu kersa nyiar elmu. Piraku teu hoyong, teu kabita-bita. Numawi sing percaya ka Gusti Allah anu ngadamel urang manusa, dibedakeun sareng mahluk sejenna, manusamah dipaparinan akal sampurna dipaparinan . Numawi sing percaya ka Gusti Allah anu ngadamel urang manusa, dibedakeun sareng mahluk sejenna, manusamah dipaparinan akal sampurna dipaparinan anggahota anu alus manis;
sae adeg pangadegna teu aya cawadeunana dina sagala-galana.
Sapantesna urang iman kana parentah na sapertos solat 5 waktu sukuran kanu ngadamel urang inget ka Gusti Allah;        pek adegkeun solat karana inget kakami. ka dua anu diangkatkeun darajatna teh jalma anu nyiar elmu keur dunya atanapi keur akherat
Pidawuh Nabi anu Hartosna; sing saha anu miharep hasil kana perkara dunya kedah nganggo elmu anu miharep hasil salamet bagja di akhert kedah nganggo ilmu. Kumargi kitu hayu urang milari ilmu.
Ibu, bapa muda mudi terutami murangkalih margi Kanjeng Nabi nganjurken anu dawuhna Hartosna: ari kawajiban nyiar elmu teh dimimiti dilahirkeun dugi ka lawang kubur.
Janten jelas pidawuh Nabi nembe kedah gaduh ilmu. Sadaya amalan kedah nganggo ilmu margi
Sadaya amal, sadaya padamelan teu nganggo elmu moal manfaat, teu aya gunana. Sawangsulna gaduh elmu teu di amalkeun moal manfaat teu aya gunana. Malih Kanjeng nabi ngadawuhkeun, Hartosna: gaduh elmu teu di amalkeun dimisilkeun tangkal teu aya buahan, teu bubuahan, akhirna matak rudet, matak bala harieum cakueum anu akhirna dituar daripada teu aya manfaatna, kenging laknat. Pidawuh Nabi: Hartosna: saleresna anu nyumputkeun elmu kenging laknat. Margi cacak gaduh elmu wae dilaknat, komo nu teu gaduh elmu. Karna ceuk ki sair: Panggedana karuksakan ‘alim nu teu ngalakonan, komo leuwih ruksak pisan nu bodo ngalakonan.
Saalit jadi putri ngarti langkung sae, seueur saur teu ngabukur teu kaharti.
Itulah contoh pidato Basa Sunda yang dapat kami bagi dengan anda.
CONTOH PIDATO MEMPERINGATI MAULID NABI MUHAMMAD SAW (7)CONTOH PIDATO MEMPERINGATI MAULID NABI MUHAMMAD SAW (9)CONTOH PIDATO MEMPERINGATI MAULID NABI MUHAMMAD SAW (10)CONTOH PIDATO MEMPERINGATI MAULID NABI MUHAMMAD SAW (11)CONTOH PIDATO MEMPERINGATI MAULID NABI MUHAMMAD SAW (12)

Postingan terkait:

Belum ada tanggapan untuk "Contoh Pidato Bahasa Sunda"

Posting Komentar