Contoh Narasi Pembawa Acara Perpisahan Sekolah dalam Bahasa Sunda

Contoh Narasi Pembawa Acara Perpisahan Sekolah dalam Bahasa Sunda 2Para wargi anu sami-sami linggih, langkung tipayun mangga urang muji syukur ka Allah SWT., anu parantos marengkeun urang sadayana tiasa patepung lawung dina ieu acara. Kalayan widi-Na pisan urang sadaya tiasa silaturahmi kalayan sehat wal afiat dina acara Paturay Tineung ieu. Teu kakantun solawat sinareng salam urang sanggakeun ka panutan alam Kanjeng Nabi ahir jaman Muhammad saw., miwah para sahabat, tabi'it, tabi'in, tug dugi ka urang sadayana.
Salaku panata acara, sim kuring teu hilap ngahaturkeun wilujeung sumping ka para tamu uleman, utamina Bapa Pupuhu Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat sareng rengrenganana, Bapa Pupuhu Sakola SMPN 1 Lumbung miwah rengrengan Ibu sinareng Bapa Guru, oge teu hilap ka Ibu miwah Bapa anu janteun sepuh sareng wali murid, sareng teu kakantun Akang sareng Teteh anu dina danget ieu bade diistrenan janteun wisudawan.
Sakumaha anu parantos didugikeun dina serat uleman, ieu acara taya sanes seja ngabrehkeun rasa kabingah rehna sadaya murid kelas 3 tiasa namatkeun di ieu sakola kalayan hasil anu nyugemakeun. Tandaning sukur ka Nu Maha Kawasa, OSIS SMPN 1 Lumbung kalayan dirojong apingan ti para guru ngagaduhan karep kanggo ngareuah-reuah Akang-akang sareng Teteh-teteh ngalangkungan ieu acara Paturay Tineung.
Ku margi kitu, saupami panampian ti panata calagara kirang nyugemakeun, oge patempatan anu kirang merenah, oge salami lumangsungna ieu acara masih keneh seuer kakirang, kalayan asmana OSIS SMPN1 Lumbung, simkuring neda dihapunteun.
Sateuacan simkuring neraskeun kana maca runtuyan acara, mangga urang buka ieu acara ku maoskeun basmalah sasarengan.
Contoh Narasi Pembawa Acara Perpisahan Sekolah dalam Bahasa Sunda 3Contoh Narasi Pembawa Acara Perpisahan Sekolah dalam Bahasa SundaLogo Corner 23 2




Postingan terkait:

Belum ada tanggapan untuk "Contoh Narasi Pembawa Acara Perpisahan Sekolah dalam Bahasa Sunda"

Posting Komentar